Saturday, December 26, 2020

 Sampurasun.....

Amit ampun nya paralun, ka Gusti nu Maha Suci....
neda pangjiad pangraksa abdi kempel Seuweu Siwi...
Seja ngaguar Laratan...titis waris Padjajaran
ngembatkeun jalan Laratan katampian Geusan mandi
ka Leuwi Sipatahunan, Leuwi nu ngaruncang diri diri manusa kiwari
rek muru lulurung tujuh ngahiap ka Padjajaran
bongan hayang pulang anting
Padungdengan padungdengan jeung usikna pangacian
ahung...ahung....ahung....
Sampurasun karumuhun ka Hyang Prabu Siliwangi...
nu murba di Padjajaran..pangaoban Seuweu Siwi
nu Gelar di Tatar Sunda
muga nyebarkeun wawangi...
ahung....ahung....ahung....


Neda pangjurung dunga sinareng pangrojongna rehna seja gelar kasuka di pangaoban urang sadaya, pamugi aya di na panangtayungan Gusti nu Maha Suci tur laras sareng para wargi sadaya.